Feeds:
Posts
Comments

Archive for the ‘Bahasa Sunda’ Category

Ki Umbara

keur kuring leutik, ku bapa kuring teu weleh dipangmeulikeun buku carita. unggal dines ka bandung, mun mulang bapa tara poho mangmeulikeun rupa-rupa buku dongeng. aya nu ku basa inggris, aya nu basa indonesia, aya oge nu basa sunda.

majalah mangle oge pating sulayah di unggal juru imah, pabaliut jeung majalah horizon, kartini, reader digest, home and garden, modeblad, jeung intisari. kuring sakuren kabeh raresep maca. keur mah bapa baheula dinesna di lembur nu jauh kaditu kadieu, kuring teu nyaho kana hiburan kota, apalna ngan maca jeung maca we sapopoe teh.

ari pangarang sunda karesep kuring nyaeta ki Umbara. keur mimiti mah maca sunda teh asa kacida balelolna, tapi ari lila-lila geus biasa mah kacida ni’matna maca buku basa sunda teh, boh bodorna boh ramena, estuning basa indung tea kasebutna mah.

ki Umbara atawa jenengan sabenerna mah Wiredja Ranusulaksana, ngarang rupa-rupa buku dina basa sunda, aya oge nu basa indonesia, salah sahijina nu judulna Dalem Boncel. cing saha nu teu apal dongeng Dalem Boncel? mun teu apal berarti kudu dipertanyakan kasundaanana, aseli atawa palesu. hehehe.

buku nu ku kuring dijadikeun paporit karangan ki Umbara aya dua, diwadalkeun ka siluman jeung lamsijan kaedanan. nu kahiji pedah carita jurig jeung misteri, na kadua pedah kacida bodorna. sok geura cobian diaos, mun teu ngabarakatak seuseurian mah kacida.

ki Umbara ceuk na wiki sunda, parantos tilar dunya di taun 2005. mugi ditampi iman islamna ku Allah SWT. amin ya rabbal alamin.
sakitu carita kuring sakuriling ki umbara.

Read Full Post »

Dina Poe Ahad

Dina wanci pasosore poe Ahad ieu, hujan ngaririncik ti beurang keneh. Angin nyiwiwik ngahiliwir tiris. Ah ceuk kuring dina gegetun kalbu, keur kieu mah pantesna nyieun kueh. Kueh nu ngeunah tur hipu jang batur cikopi panas. Ngagidig kuring indit ka toko swalayan deukeut jalan gede beh ditueun birit komplek paimahan. Dipapayung da hujan can raat keneh wae. Babaseuhan jeung rada kikiciprikan, tapi kuring henteu honcewang sumoreang, tekadna keur nyieun kueh tea moal mundur satapak, cadu mundur pantang mulang mun maksud tacan laksana. Merjuangkeun nyieun kueh tea!

Kusabab hayang gaya, kuring milihan bahan ngahaja nu rada aheng. Coklat nu jang dileehkeuna oge milihan nu rada mahal. Kitu oge milih mantegana. Lain ku margarin buluben nu biasa, tapi make butter! Teu make merk Wijsman, da asa mahal teuing ah ceuk pikir kuring teh, turun kasta saeutik carita na mah kana merk Butterfly (naha sarua jeung merk mesin kaput nya?) nu penting aya we atuh babauan nu seungitna sangkan siga kueh mahal. Tidituna mah kuring teh hayang nyieun brownies kukus. Oleh-oleh nu keur top markotop ti Bandung tea. Ceuk pikir kuring mah, jijieunan kuring teh da moal eleh ieuh lah ku brownies kukus Amanda nu kasohor tea.

Sanggeus milihan bahan, kuring karak inget yen teu boga loyang, nya sakalian we da aya didinya, kuring meuli nu ukuran sedeng. Rp 9500,- hijina teh. Halah, sainget kuring jaman taun iraha ka pasar jibrug asa hargana teh ngan duarebuan. Aya ku mararahal beuki ka kiwari teh geuning harga barang jeung bahan teh. Dipikir-pikir deui bebeulian bahan jeung huhujanan kieu, asa jadi leuwih mahal tibatan meuli brownies nu geus jadi. Tapi pan ari nyieun sorangan mah ku banggana oge matak leuwih bakal ngeunah karasana. His name is also effort, eta pamadegan kuring.

Balik ka imah kuprak kepruk pak pik pek jeung brang breng brong di dapur nyiapkeun bahan. Tipung sagala rupa geus siap jeung diayak heula. Gula bubuk nu lemes aya.  Endog aya. Mantega aya. Loyang aya. Coklat aya. Listrik ge karek ditaekeun kamari ieu, teu kapalang ku kuring ditaekeun nepi ka 3300 watt, sangkan oven microwave nu unggal dihurungkeun ngabeledug tea bisa dipake ayeuna mah.

Naha ana bet rek dikocok teh geuning kuring karek inget yen kuring teh teu boga Mixer!.

Read Full Post »

Ngacapruk tengah Peuting

Soal judul blog. Sundanese Tragedy. Banyak yang nanya kenapa tragedi. Ya pan dari judul aja udah ketauan. Bahwa bahasa ibu sedang mengalami krisis. Yang buntutnya jadi tragedi kebudayaan. Bagaimana tidak, saya sendiri orang Sunda. Asli. Bila menulis dalam bahasa Sunda, yang notabene bahasa nenek moyang saya, saya nyerah. Lebih baik lari keliling lapangan. Kalau nulis surat buat nenek, saya suka berkeringat dingin. Susah merangkai kata-kata. Mungkin bukan tidak bisa, tapi tidak biasa. Dan tidak berusaha.

Belum lagi anak-anak jaman sekarang. Sudah tidak mau rupanya para orang tua berbahasa daerah di rumah. Padahal menurut pendapat saya berbahasa Indonesia mah tidak akan sulit, karena di sekolah pasti belajar dan dipakai dalam keseharian di lingkungan luar rumah. Tanpa disadari bisa belajar sendiri. Namun bila di rumah tidak berbahasa daerah, ya pet. Mati sudah bahasa daerah. Lidah jadi kelu. (more…)

Read Full Post »