keur kuring leutik, ku bapa kuring teu weleh dipangmeulikeun buku carita. unggal dines ka bandung, mun mulang bapa tara poho mangmeulikeun rupa-rupa buku dongeng. aya nu ku basa inggris, aya nu basa indonesia, aya oge nu basa sunda.
majalah mangle oge pating sulayah di unggal juru imah, pabaliut jeung majalah horizon, kartini, reader digest, home and garden, modeblad, jeung intisari. kuring sakuren kabeh raresep maca. keur mah bapa baheula dinesna di lembur nu jauh kaditu kadieu, kuring teu nyaho kana hiburan kota, apalna ngan maca jeung maca we sapopoe teh.
ari pangarang sunda karesep kuring nyaeta ki Umbara. keur mimiti mah maca sunda teh asa kacida balelolna, tapi ari lila-lila geus biasa mah kacida ni’matna maca buku basa sunda teh, boh bodorna boh ramena, estuning basa indung tea kasebutna mah.
ki Umbara atawa jenengan sabenerna mah Wiredja Ranusulaksana, ngarang rupa-rupa buku dina basa sunda, aya oge nu basa indonesia, salah sahijina nu judulna Dalem Boncel. cing saha nu teu apal dongeng Dalem Boncel? mun teu apal berarti kudu dipertanyakan kasundaanana, aseli atawa palesu. hehehe.
buku nu ku kuring dijadikeun paporit karangan ki Umbara aya dua, diwadalkeun ka siluman jeung lamsijan kaedanan. nu kahiji pedah carita jurig jeung misteri, na kadua pedah kacida bodorna. sok geura cobian diaos, mun teu ngabarakatak seuseurian mah kacida.
ki Umbara ceuk na wiki sunda, parantos tilar dunya di taun 2005. mugi ditampi iman islamna ku Allah SWT. amin ya rabbal alamin.
sakitu carita kuring sakuriling ki umbara.
Leave a Reply