Dina wanci pasosore poe Ahad ieu, hujan ngaririncik ti beurang keneh. Angin nyiwiwik ngahiliwir tiris. Ah ceuk kuring dina gegetun kalbu, keur kieu mah pantesna nyieun kueh. Kueh nu ngeunah tur hipu jang batur cikopi panas. Ngagidig kuring indit ka toko swalayan deukeut jalan gede beh ditueun birit komplek paimahan. Dipapayung da hujan can raat keneh wae. Babaseuhan jeung rada kikiciprikan, tapi kuring henteu honcewang sumoreang, tekadna keur nyieun kueh tea moal mundur satapak, cadu mundur pantang mulang mun maksud tacan laksana. Merjuangkeun nyieun kueh tea!
Kusabab hayang gaya, kuring milihan bahan ngahaja nu rada aheng. Coklat nu jang dileehkeuna oge milihan nu rada mahal. Kitu oge milih mantegana. Lain ku margarin buluben nu biasa, tapi make butter! Teu make merk Wijsman, da asa mahal teuing ah ceuk pikir kuring teh, turun kasta saeutik carita na mah kana merk Butterfly (naha sarua jeung merk mesin kaput nya?) nu penting aya we atuh babauan nu seungitna sangkan siga kueh mahal. Tidituna mah kuring teh hayang nyieun brownies kukus. Oleh-oleh nu keur top markotop ti Bandung tea. Ceuk pikir kuring mah, jijieunan kuring teh da moal eleh ieuh lah ku brownies kukus Amanda nu kasohor tea.
Sanggeus milihan bahan, kuring karak inget yen teu boga loyang, nya sakalian we da aya didinya, kuring meuli nu ukuran sedeng. Rp 9500,- hijina teh. Halah, sainget kuring jaman taun iraha ka pasar jibrug asa hargana teh ngan duarebuan. Aya ku mararahal beuki ka kiwari teh geuning harga barang jeung bahan teh. Dipikir-pikir deui bebeulian bahan jeung huhujanan kieu, asa jadi leuwih mahal tibatan meuli brownies nu geus jadi. Tapi pan ari nyieun sorangan mah ku banggana oge matak leuwih bakal ngeunah karasana. His name is also effort, eta pamadegan kuring.
Balik ka imah kuprak kepruk pak pik pek jeung brang breng brong di dapur nyiapkeun bahan. Tipung sagala rupa geus siap jeung diayak heula. Gula bubuk nu lemes aya. Endog aya. Mantega aya. Loyang aya. Coklat aya. Listrik ge karek ditaekeun kamari ieu, teu kapalang ku kuring ditaekeun nepi ka 3300 watt, sangkan oven microwave nu unggal dihurungkeun ngabeledug tea bisa dipake ayeuna mah.
Naha ana bet rek dikocok teh geuning kuring karek inget yen kuring teh teu boga Mixer!.
beu aing mah eta nu ngarana pohoan 😀 nuju trend suganmah..
#1 Asa baheula teh pernah meunang mixer basa kajuaraan gapleh 17an di kantor, sihoreng lain mixer tapi meunang blender, meureun rarasaan teh da pedah sarua muter.
Haih, aceuk apanan aya pangocok manual nu jiga kolecer tapi melendung tea geuningan.
jeung muji kana sumangetna mah, nepi keun balanja teu mirosea kana hujan angin.
Curiga kasusah ngeunaan si autodebet tea tas leungit nya. Hahahaha
Pangocok manual mah cangkeul atuh, jeung bisi bantat. Autodebet telepon nu mayar tagihan batur tea parantos digentosan,hehe haturnuhun Kasep,tos ngaririweuh.
Nya ngangge garpu we atuh.
Teu jadi kuehna nya lumayan aya dadar endog sakatel.
Pangocok endog teh kapungkur mah sok diulinkeun, dialungkeun jadi ancul-anculan.
beuh
teu ngartos
*ansab*
WOI. ROAMING. WOI!
*berlalu*
#7 Wesly, kalau level di bahasa Sunda, yang saya tulis ini masih basic. *tendang Wesly ke kelas belajar basa sunda*
** ga jadi baca, numpang koment ajah**
Quoting Will Smith on the movie “Enemy of the state”:
“I’ll take my blender back. It’s my thing. People sing, do sports etc. I blend.”
astapilohhhhhhhhhhhhhh… kaga ngatri guwa! ampun mamihhhhhhh!!!
Sapertos na mah, upami teu aya mixer, nagggo mutu sareng coet oge sami wae. Mung ati-ati bilih muncrat kanu salira.
salam kenal ti urang bandung kaler.
http://kupalima.wordpress.com
#12 Euleuh, eta mah ngadamel tahu gejrot atuh Pak, salam kenal sawalerna..
* lost in translation….
#14 halah, udah berapa tahun di Bandung Dham? masa kagak ngarti
obegitu caritana
*pura² ngerti
Saya suka panekuk. 🙂
#17 dan juga kue-kue lainnya
Kirain teh copy paste dari buku Pamekar Basa, tapi kok udah ada bronis Amanda sama ngga ada si anak kecil yg rambutnya kaya dora tea.. Isah? Bersambung ke posting berikut? “Kiridit Mixer”
#19 Engke atuh mangga bade dihancakeun..kiridit mixer tur parabot dapur nu sanesna.. dalam episode Neng Mira diajar masak.. hihihihi
*ansab dari postingan yg ini, bergabung ama mPit dan Wewes di pojokan*
Aseek aya nu rek ngirim2 kue euy ..
eh ceu iraha ngaliwet deui ?
*heheheheh*
*daptar*
#23 Mang Ating we atuh nu ngaliwet
ngarti sih,
tapi lieur amun nenjo teks anu seeur kitu….
Bahasa sunda mah ekspresip nyaa… 😀
ih sami teteh, abdi oge sok pahili blender sareng mixer (maca comment no.2)
salam kenal teh… ^^
hai hai numpang kenalan tapi… nggak pake susu xixixixi
salam kenal 😉
Alah. Hararese. Kusabab abdi teh karek budak leutik (Alah, piwadukeun. Ieu mah SMU pisan), abdi teu tiasa make basa sunda murni anu lemes.
Kunaon can boga Mixer, atuh ? 😆
*sumpah gag ngerti*
Emang guwa ngarti?
NAHA??
#31 sing maklum da amnesia Rur, kumaha rek bisa basa Sunda
beu beut kitu!!
maenya microwave aya ari mixer teu aya hehehe 😉
Mir ari katatangga teh mun nyieun kueh bagi-bagi atuh. Meuni tinggal engkle.
trenslet!
*lieur*
IH DUPI ANU LIMPERANMAH DA KEDAHNa KEBEBATKEUN INA SANDIANG KANTUN MULUNG TANJUNG WIREH EME KEDAH EMUT KANA WIWITAN DIANA SAGALANING KAHIRUPAN ANU TUNGGARA ROSA KULANTARAN AYA DOSA ANU TEU KARASA TIAN LAMPAH KA IINDDUNG BAPA
ngiringan ngariung wae ah Teh.. Salam pangwanoh..
hai blh knl gak?salam kenal ya dari thx
Asa jadi teringat inohong di bojong rangkong…
*ngiring ngalangkung…