Pamiarsa, caritana ieu kuring keur siaran radio. Nya anggap we kitu. Sabenerna kuring rada reuwas satadina, kuring tas maca na Voice of America, mun ceuk sunda mah, soanten ti bangsa amrik, yen basa daerah sakeudeung deui bakal sirna ti dunya. Asa sararedih maca kitu, kuring jadi kaingetan ka Pajajaran nu sirna sababaraha ratus tahun katukang.
Pajajaran sirna ing ekadaśa śuklapaksa Wesakamasa sewu limang atus punjul siki ikang Śakakala,
Catetan ieu aya dina Pustaka Nusantara nu nyarioskeun eyang Prabu Ragamulya atanapi nu disebat oge Eyang Prabu Surya Kencana nu jadi raja panungtungan di Pajajaran.
Hayang ngajerit satungkebing langit, ngagoak maratan jagat.
Kumatak, ayeuna kuring sasakali mah nyieun postingna dina basa Sunda. Ngabiasakeun manah, bisi basa luluhur kuring sirna ti alam dunya.
Aya deui nu ku kuring rek dicaritakeun. Kuring asa helok manggihan honje dipake dina rupa-rupa papasakan di nagara deungeun, Malaysia. Dipake dina sambel, dipake dina angeun, jeung dipake dina barang pasakan nu sarupaning make lalaukan nu halanyir. Kacida ngeunah karasana dina letah.
Naha bet ari di Sunda ayeuna geus jarang dipake nya honje teh? Honje salian jadi sambara dina angeun lodeh, oge nu asakna sok dipake sambara jang sambel rujak. Kembangna kacida ngeunah jeung seungit pake asakan oseng-osengan.
Nyi Putri Pohaci Wiri Manggay jeung Nyi Dewi Gambir Wangi kacaturkeun nyiram, duanana kacida hayang honje. Lengser ti dua nagara yen Pajajaran jeung Muara Beres, dititah neangan eta honje. Nepi ka duanana garelut kacida poharana, da duanana gagah sakti pilih tanding. Dipisahkeun ku Gajah Siluman, honje dibagikeun dua pada rata. Jeung meunang titah, yen engke jaga orok geus pada pada dewasa kudu dikawinkeun.
Kacaturkan Mundinglaya Dikusumah tungtungna ngajodo jeung Nyi Dewi Asri.
Tah eta dongeng nu aya patalina jeung honje.
Honje nu arasak buahna, ku indung kuring sok dijieun sirop. Ngeunah kacida jeung seger, warnana ge beureum nu rada kolot tea. Mun ceuk bahasa inggris mah beureum ‘scarlet’. Sok geura ajaran ku para mitra, honje pepelakan warisan luluhur urang sarerea, dimanpaatkeun ku cara nu leuwih hade, tong eleh ku Malaysia deui wae atuh.
Leave a Reply