Sanajan salila ieu kuring geus manggih rupa-rupa kadahareun jeung lalawuh nu araheng (eh kumaha nya nyieun e curek dina macbook nya? angger wae kusabab kuring teh urang sunda pituin ari kana tuangeun nu paporit mah euweuh deui, nyaeta ngan kukuehan khas sunda buhun. Diantarana kueh cuhcur, bolu panggang, papais, jeung awug. Kueh cuhcur jeung bolu panggang, euweuh deui pangeunah-ngeunahna mah nyaeta nu dijieun ku pun uwa di lembur kuring di Jalatrang (dimana eta Jalatrang? ah moal dibejaan, pek we teangan make google earth, sugan we kawenehan bisa katenjo, da hejo pisan ari wewengkon Ciamis palebah lembur kuring mah).
Ceuk kuring mah eleh atuh eclair ti perancis jeung bolu angelfood ku kueh khas Sunda. Komo ari ngaran awug, duh eta teh kacida ngeunahna ceuk kuring mah. Awug teh sanajan siga basa jerman (rada siga Achtung), tapi asli sunda, lain ti nagara deungeun. Kamari ieu kuring ka Cianjur, leuleumpangan isuk-isuk nepi ka lapang Joglo, didinya aya tukang awug nu kacida payuna, nu ngantri geus kawas oray ngaleor ku panjangna. Di Cianjur awug teh sok disebut oge Dodongkal. Tapi ari wujudna mah sarua bae. Di lapang Joglo eta kuring milu ngantri, da kabita nempo awug nu seungit jeung ngebul ku bakating panas karek diangkat tina aseupan. Kuring meuli 3 bungkus, dibere alas ku daun cau salambar dina jero dus keretas leutik. Seungit kacida. Karasa pisan awugna teh amis ku gula kidul. Gula kidul nu kasohor nyaeta gula kidul ti Tanggeung. Gula kawungna amis tur seungit. Kalapana ngora, diparud paranjang, aya ku pelem. Komo eta tipung beas nu dijadikan bahan awug, beas hade sigana mah, da seungit jeung beresih.
Tidinya kuring janji pasini na hate, lamun engke deui ulin ka ianjur, moal poho kana meuli awug.
Barade juragan?
Apalna ngan awug cibeunying teh:) Cik bade tumaros upami di Bandung dimana tah awug pangraosna?
Dimana nya? di Cimahi aya da mun teu lepat mah, cabang nu ti Lembang, mun teu lepat oge namina Awug Kadeudeuh
aya awug antapani, caket terminal antapani. cobian pasti deudeuieun.