Untuk orang Sunda yang jauh pergi mengembara:
PAPATET
Gunung Gede siga nu nande
Nandean ka badan Abdi
Gunung Pangrango ngadago
Ngadagoan Abdi wangsul
Nya wangsul ti pangumbaraan
kebo mulih pakandangan
Nya mulang labuh ka puhu
Pulangkeun ka Pajajaran
Demikian tembang yang sering Bapak saya lantunkan.
Gunung Merapi meletus he..he teu nyambung
wah, basa sundanya gak umum saya dengar
trenselt dong mih ;))
waahhh… jadi mellow…
huuu… **keluar aer mata**
**tersentuh**
mauuu ke bandung!!! saya anak pungutnya bandungggg… :((
jadi pengen ke bandung euy…
nembang bareng mami 😀
Wedew.. Hendro dah pinter bahasa sunda rupanya..
roamiiiinngggggggg….
sanajan simkuring asli cerbon aya geuning kahayang balik ka ieu kota.
welasan taun cicing di bandung, ayeuna neang panghirupan di jakarta.
cing atuh baraya, bawa simkuring balik ka lembur…
Teh Mira, urang silih tukeuran buku Sunda yu….diantos waleranana kana email we
Jadi inget ka saung reyod na luhur pasir tukangeun imah, tempat gogoleran samulang sakola bari nungguan sawah. Naha aya keneh kitu?
Geus 16 taun teu dilongokan.
Sono.
Kasawang endahna ti dieu, ti Jogja.
Peupeujeuh Kanu di Pangumbaraan
Anggang bisa diteang jauh bisa ditempuh, tong melang tong hariwang mantengna talari Sunda moal pegat ku lunturna jaman, moal kapupus ku mundurna umur sing gede hate leber wawanen, tong murungkut jauh ti dulur tong putus asa anggang jeung sanak baraya paheutkeun pasini jangji kuatkeun tekad, lambat laun pasti mulang ka pakandangan…
inget keur mangsa katukang keur aya di gunung galunggung duh iraha nya bisa nincak deui lemah cai…?
sono kacida…. mudah2an wae kin dina hiji waktu bisa ulin deui di lembur lemah cai kuring…
Sampurasun… Punten kumawantos tos ngalinggihan ieu tempat, ari maksad mah hoyong wawahonan ka sakumna urang sunda.
duh meni waas pisan ngadangu gunung gedé sareng gunung pangrango iraha atuh nya bade kalembur deui, kamo upami ngalangkung ka puncak, waas pisan sreng endah pisan ayeuna kantun katineungna wae, margi tos duapuluh lima tahun teu ningal eta gunung sreng pilemburan abdi di parahiyangan, cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh kasintung kalapa, sediiiiiiiiiiiiih sedih pisan kumaha ari di parahiyangan ayeuna? punten permios salam ka urang salembur.
Upami teu lepat, unina kieu sanes:
Gunung Gede siga nu nande
Nandean ka badan abdi
Gunung Pangrango ngajogo
Ngadago abdi rek wangsul
Wangsul ti pangumbaraan
Kebo mulih pakandangan
Nya muncang labuh ka puhu
Anteurkeun ka (Pajajaran)
kadang ada yang mengubah:
Ka pajaratan (kuburan)
poe ieu manehna ninggalkeun bandung
seja lunta mamawa raheut hatena
kamari manehna kungsi pamitan
nyuuh nyegruk, ngarangkul beudah cipanon
peugat-peugat nyeubut keucap pileuleuyan
dareuda menta ubar panghampura
geuning anu jadi pamuntangan
sulaya tina subaya teu ngajadi
batan deukeut bari raheut…………..
* kanggo anu ninggalkeun abdi ….nya urang silih do’akeun we
salam
rupinamah dina baris katujuh tembang papatet nu di luhur upami teu lepat numutkeun paripaosmah ” muncang labuh ka puhu”
Abdimah emut tembang ti Kang Billy, hilap judulna mung emut sabahagian lirikna;
“…Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh kasintung kalapa,
Lieuk euweuh lieuk lain, jauh ka Indung ka bapa…”
Teteh kagungan tembangna henteu…? Nyuhunkeun upami aya mah…